Kamis, 24 Februari 2011

geura hudang !! maung siliwangi !!!!

geura hudang lur......
maraneh di tempo ku rahayat kabeh....
montong ngerakeun lur....
maraneh di sakseni ku citra anu hade...
ngan omat maraneh patut ngajugjug sportifitas jeung kajayaan rahayat jeung bobotoh balarea.....
sing iklas lur...
sing rido lur...
sing tumaninah lur...
sing sumanget lur...
maraneh di jadikeun piconto anu hade keur kamajuan sepak bola rahayat bandung jeung indonesia......
tong ciga toloheor maen teh lur...
karunya ka anak jeung pamajikan ( anu geus kawin )...
ningali maen ciga cacing kapanasan....!!!!
tong ngerakeun lur...
ti baheula maung acan pernah cicing ...
ngadukung maraneh ti kampung jeung gunung...
geura hakan kabeh anu ngahalangan ku sikap kajujuran jeung kajayaan.....
geura asah sihung ku pangaweruh elmu anu nyaan....
geura soson-soson lur....
geura ngumbara lur......
sok geura tembongkeun pangabisa anu aya d tanah sunda jeung bobotoh ayana.......
geura jing-jing....geura cempal.....geura piceun anu teu pihade eun keur engke ka hareup dina lalaga putaran anu ka dua.....
sing inget...
raraga jeung hate aranjeun ngahiji jeung sakabeh bobotoh anu aya di sabudereun rahayat indonesia.......
pek geura mangkat lur...
pek geura tembongkeun lur....
pek geura tarung lur....
pek geura jaya lur.....
sakabeh bobotoh ngadukung jeung nyakseni aranjeun tarung ngabela persepak bolaan indonesia...anu nepikeun kiwari can pernah ngumbara ka negeri batur tur aya dina kajayaan.....maung bandung siliwangi nomer hiji......

0 komentar:

Posting Komentar